Citangtu hiji lembur anu aya di pagunungan. wilayahna kacida luasna. dina mangsa mimiti aya pamarentahan anu nyekel kakawasaan nana hiji Dalem putrana Geusan Ulun anu nyekel kakawasaan di Kuningan tahun 1570 M atanapi incuna sang Adipati Kuningan. Dina tahun 1650 Geusan Ulun wafat. pamarentahanna di teruskeun ku anak cikal nyaeta Mangku Bumi. sanggeus Mangku Bumi nyekel kakawasaan timbul deui kakawasaan diantara sasaderekanna anu 28 urang nempatan tempat-tempat kadudukan seperti tina ngaran julukan jeung tempat pemakaman nana. Nya Dalem Citangtu anu urutan ka dua. Upami jalmi anu kaitung pertama aya nya eta Sura Dipa.
Dina mangsa mimiti, aya hiji Kiai sok sanajan ayeuna tinggal kuburan nana Citangtu kasebut kaluar lembur sampe daerah ku ayana hiji kiai nyaeta kiai Satar, putrana Raden Kenda masih katurunan ti sunan Gunung Jati. masih di eta makam, aya deui anu dianggap keramat nyaeta makam Ulun Sayu Ulun Mariah anu garwa ku Kiai Satar . jeung Ulun jangjung ka tilu Ulun putrana Pangeran Baya atanapi Incuna sunan Gunung Jati anu jiarah kaka makam Kiai Satar loba tinu jarauh dugikeun ka aya anu ti Bogor, di tahun 2003 ti jakarta. Kiai Satar teh ramana Bagus Lukman atanapi akina Eyang Hassan Maolani anu di buang ka Manado ku Belanda tahun 1837.
Citangtu kaasup loba lemburna , diantarana kampung manis, pahing, lebak burang, talahab, wangun, salahonje, tarikolot. Dalem salahonje masih putrana Geusan Ulun Kuningan, di Wangun makam patilasan Eyang Mangku Bumi, di pasir loba makam para buyut diantarana Eyang Pawenang Pager Barang atanapi Buyut Tunggal, Buyut Jalak, Buyut Deles. Buyut Bagong di pasir rumakadang. Buyut Asiah di Gunung Alus. Para Buyut teh jalmi anu gede pangaruhna, gede elmu ka digjayaan, di pikahormat, kokolot.
Citangtu loba kapantang teu paya. citangtu kasebut desa kolot. Citangtu kasebut anu nangtukeun naon hilap deui. jalmi ti luar desa anu terangeun sejarahna teu daekeun nembongkeun kabisa saperti sulap. zaman baheula aya anu sulap ngeureut maneh datang ka balik getihan bae, aya deui anu sulap hampir cilaka. ceuk anu tas nganjang ti bumina anu sulap, nyebutkeun ti saprak tas sulap di Citangtu can aya deui anu manggih. aya babasan ti sepuh baheula ceunah, boh sulap boh selip boh sintren datang ka citangtu mah apes. aya deui rombongan kasenian sandiwara ti Bandung anu aya Sabulanna ngadongeng. kuring teh tukang gendang anu basa sandiwara di Citangtu , kuring ngarasa aneh sampe ayeuna teu manggung deui duka sindeng jeung nayaga dimarana, jad bubar. nganggap wayang di antara para penonton nimbulkeun korban jiwa . munggah haji oge teu paya kudu pindah tempat heula. jadi hartina mangkatna ka tanah suci ulah ti Citangtu. memang baheula mah sok parindah. ayeuna mah langsung ti Citangtu..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar